pupuh ladrang diwangkuh ku
Bahasa lain
diah417
Pertanyaan
pupuh ladrang diwangkuh ku
1 Jawaban
-
1. Jawaban MhmmdZaky
Jumlah Pupuh téh aya 17. Anu mindeng diajarkeun mah biasana opat: Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (Sok disingget KSAD). Pupuh KSAD téh kaasup kana sekar ageung. Sésana anu 13, kaasup kana Sekar Alit.
1. Asmarandana = Sapadana diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a). Watekna silih asih, silih pikanyaah, silih pikadeudeuh, silih pépélingan, atawa naséhat hirup.
2. Balakbak = Sapadana diwangun ku 3 (tilu) padalisan (15-é, 15-é, 19-é). Watekna pikaseurieun, banyol, heureuy, atawa lulucon.
3. Dangdanggula = Sapadana diwangun ku 10 (sapuluh) padalisan (10-i, 10-a, 8-é/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a). Watekna kabungahan atawa kaagungan.
4. Durma = Sapadana diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 7-i, 5-a, 7-i). Watekna sumanget ngabebela, ngambek, paséa, atawa palagan/ perang.
5. Gambuh = Sapadana diwangun ku 5 (lima) padalisan (7-u, 10-u/i, 12-i, 8-u, 8-o). Watekna ngagambarkeun kabingung, sikep samar polah, atawa tambuh laku.
6. Gurisa = Sapada diwangun ku 8 (dalapan) padalisan (8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a). Watekna kalangenan, pangangguran, tamba kesel, jeung bisa pikalucueun.
7. Jurudemung = Sapadana diwangun ku 5 (lima) padalisan (8-a, 8-u, 6-i, 8-a, 8-u). Watekna ngagambarkeun kaprihatinan, rasa kaduhung, atawa kahanjakal.
8. Kinanti = Sapadana diwangun ku 6 (genep) padalisan (8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i). Watekna ngandung pangharepan, prihatin, atawa sedih kingkin.
9. Ladrang = Sapadana diwangun ku 4 (opat) padalisan (10-i, 8-a, 8-i, 12-a). Watekna pakaseurieun, banyol, atawa heureuy.
10. Lambang = Sapadana diwangun ku 4 (opat) padalisan (8-a, 8-a, 8-a, 8-a). Watekna banyol, kakapucueun, atawa pikaseurieun.
11. Magatru = Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o). Watekna ngandung piwuruk, tapi bisa ogé kaprihatinan, jeung pikalucueun.
12. Maskumambang = Sapadana diwangun ku 4 (opat) padalisan (12-i, 6-a, 8-i, 8-a). Watekna ngandung kaprihatinan, sasambat, atawa nalangsa.
13. Mijil = Sapadana diwangun ku 6 (genep) padalisan (10-i, 6-o, 10-e, 10-i, 6-i, 6-u). Watekna ngandung kasusah, sedih, nyaritakeun kacilakaan, atawa kaayaan nu tiis jempling.
14. Pangkur = Sapadana diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-a). Watekna ngandung amarah, napsu ngagugudug, sadia tempur ka médan perang atawa palagan.
15. Pucung = Sapadana diwangun ku 4 (opat) padalisan (12-u, 6-a, 8-é/o, 12-a). Watekna mangrupa piwuruk, wawaran, atawa nu babalik pikir/ éling.
16. Sinom = Sapadana diwangun ku 9 (salapan) padalisan (8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a/8-a, 8-i, 12-a). Watekna pinuh kagumbiraan, bungah, atawa bagja.
17. Wirangrong = Sapadana diwangun ku 6 (genep) padalisan (8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a). Watekna mangrupa kawirang, rasa éra, atawa mangsa apes.