talaga bagendit kaasup kana dongeng nu asalna ti daerah...
B. Daerah
galih305
Pertanyaan
talaga bagendit kaasup kana dongeng nu asalna ti daerah...
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Dongeng nyaeta rupa karya sastra dina wangun prosa atawa anu sok disebut oge wangun lancaran. Dongeng kaasupna kana prosa anu disebut prosa buhun. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Conto prosa modern nyaeta saperti novel jeung carpon atawa carita pondok. Sedengkeun conto prosa buhun lianna nyaeta saperti carita wayang.
Aya sababaraha rupa dongeng, nyaeta saperti fabel, parabel, mite, legenda jeung sage. Dongeng Talaga Bagendit kaasupna kana dongeng rupa legenda atawa sasakala. Dongeng legenda atawa sasakala nyaeta carita nu dipercaya ku sababaraha penduduk satempat yen carita eta teh bener-bener kungsi aya atawa kungsi kajadian, tapi henteu dianggap suci atawa sakral. Dongeng Talaga Bagendit asalna ti daerah Kabupaten Garut, Jawa Barat.